"Badintot"

Jumat, 14 Desember 2012

CANGEHGAR

★·.·´¯`·.·★

@Adul :..”pak…pak… si..icih maot pak…handapeun tangkal”
@Udin :…”inalilahi,..kunaon dul si icih nepika maot…?”
@Adul :…”tadi teh adul,rina jng icih ulin ucing sumput…rina jng adul nyumput na handapeun meja ,si icih mah nyumput na handapeun tangkal…”
@Udin :…”na nyumput handapeun tangkal bisa maot,sing jelas atuh…?’
@Adul :…”nya rek teu maot kmh pak da nyumput na ge handapeun tangkal eceng gondok di balong wa haji,ayeuna ge ngambang keneh can aya nu ngangkat…”
@Udin :…”allah hu akbar…..(gubrak langsung kapiuhan)…

★·.·´¯`·.·★

ibuGuru@ barudak ayeuna urang di ajar sejarah nya
Murid2@ muhun bu
ibuGuru@ adul,saha nu ngabangun monumen bandung lautan api!!(ngajorowok siga nu ambek,ka adul nu tatadi sare)
Adul@ (lulungu) sumpah bu sanes abdi(sieun)
ibuGuru@ harr,saha nu ngabangun monumen bandung lautan api??
Adul@duka bu da sanes abdi
ibuGuru@karep lah!! (kaduhung)
★·.·´¯`·.·★
-NU CAN TERANG-
Guru: adul kahareup, nyanyikeun lagu nu kamari di ajarkeun
Adul: (maju kahareup,bari nyanyikeun lagu ku sora leutik da teu apal tea)cicak2 di dinding
Guru: gedean!
Adul: Toke2 di dinding
Guru: gedean(keuheul)
Adul: buaya2 didinding
Guru: (buukna mulai rancung)lain hewanna nu digedean,tapi sora maneh sadul
Adul: adul adzan wh nya pa,meh gede sorana
Guru: sok welah kumaha maneh
Adul: allahu akbar2x
Guru: (lieureun)na aya ku..gede sadul
Adul : pa allah mah maha besar pa,teu aya nu langkung ageung ti allah
Guru: enya bnr,allah maha besar tapi nilai maneh leutik
Adul: ageungan ath pa
Guru: TEU BISA,NILAI MANEH LEUTIK!!(ngajorowok)
Adul: sanes sora bapa nu di ageungan,tapi nilai abdi
ibuGuru@ Saduuuuuulllll(kapaehan)
Adul@ eh ai ibu saur abdi ge sanes abdi bu sumpah
ibuGuru@ euh budakteh,isuk panggil orangtua k sakola
Adul@ muhun bu

*isukna*

Guru@ pa kumaha ieu teh adul meuni kirang pisan knu diajarna
Udin@ emang kunaon kitu?
Guru@ maenya ku abdi ditaros saha nu ngabangun monumen bandung lautan api kadeun ngajawab,sumpah sanes abdi bu!kitu ceunah
Udin@ eh ai ibu,da emang sanes adul bu,meureun rerencanganna atanapi ibu nyalira meureun ..
Guru@ euh ieu mah sarua bodona(ngadagor2 sirah sorangan kanu meja)

Tidak ada komentar: